Official Site - Kumpulan tulisan, gambar dan kliping kegiatan Dr. Hj. Een Herdiani S.Sn, M. Hum serta dunia seni tari dan pendidikan

  • last

    “Jugala Raya” Ngagurat Sajarah Anyar

    "Na handeuleum aya ka tineung,
    na hanjuang aya kamelang,
    daun pulus lalambaran,
    kahayang pasti kasorang”


    Unggal isuk-isuk nepi ka tengah poé ti Senen nepi ka Kemis, tgl 7-10 Januari 2013 éta lagu kadenge ngeprung di rohangan Gedung Kasenian Sunan Ambu STSI Bandung. Sora keprangna kendang nu diwuwuhan ku agemna sound system nu halimpu ngirut sing saha waé anu ngulampreng ka éta rohangan. Ras inget ka jaman taun dalapan puluhan éta lagu méh kadéngé di unggal imah nganteur poé manjing ka soré. Ari lol noong, seblak, haté nyeblak tur nyerédét nempo nu keur ngaribing rempeg di panggung jeung di palataran panggung, wangun pinuh ku kabungah. Bet teu kuat, awak asa kabawa hayang ngaréngkénék.

    Bray deui kabayang keur mimiti kuring diajar ibing Késér Bojong taun dalapan puluh duaan, matak bungah, matak waas. Sanggeus bisa ngibing, kuring remen dipeto keur ngigel di hotél atawa di nu hajat. Lumayan meunang duit keur nambah-nambah meuli buku. Harita Jugala keur meumeujeuhna nanjeur kakoncara ka mana-mana ku alatan Jaipongan ibingan hasil kréasi Gugum Gumbira. Késér Bojong jadi lagu jeung ibingan anu dipikameumeut ku balaréa. Ti harita Jaipongan jadi ikon atawa ciri mandiri tari Sunda, nepi ka kawentar ka mancanagara. Jaipongan moyan tur nepi ka méré pangaruh kana kasenian-kasenian sejénna.

    Rét ka tengah rohangan, bréh Kang Gugum katembong keur calik na korsi bari merhatikeun nu keur ngaribing. Sawaktu-waktu unggut-unggutan, rarayna marahmay wangun nu bungah pisan. Sanajan disumputkeun, kuring teu bisa dibohongan, katingal socana ngalimba, nahan cimata nu hayang ragrag.

    “Teu sangka, geuning jaman kiwari loba kénéh nu hayang diajar ibingan jaipongan” pok na semu dareuda. Socana anteb neuteup ka hareup, teu lésot merhatikeun para putrana jeung anggota Jugala nu jaradi instruktur dina éta pajemuhan. Mira Tedjaningrum putri cikalna jeung Ineu Dinar putri kaduana ngaluluguan para instruktur séjénna nu kurang leuwih aya kana dalapan urangna, sarigep tegep népakeun ibingan Késér Bojong ka lulugu sanggar-sanggar jaipongan di sabudeureun Jawa Barat.

    Salila opat poé, Jugala Grup ngayakeun Trainning Centre (TC) keur sing saha waé anu rék miluan pasanggiri jaipongan nu rék diayakeun ku Jugala dina panungtungan bulan Januari. Jugala boga hajat keur ngawanohkeun akar Jaipongan nu ayeuna nyebar, éta kagiatan dideudeul ku Dinas Pariwisata jeung Budaya Jawa Barat.

    Teu kaliwat, STSI Bandung milu ngawuwuh acara khususna keur nyadiakeun tempat. Ti mimiti ngayakeun TC, STSI mantuan nyadiakeun Gedung Kasenian Sunan Ambu keur dijadikeun tempat TC ogé keur engké lumangsungna pasanggiri. Atuh puguh waé jadi hiji kaagul keur sing saha waé calon pamilon nu bisa milu latihan di tempat anu dianggap hadé. Biasana ogé teu sagawayah jalma bisa maké tempat éta khususna keur latihan da biasana oge ngan ukur keur pintonan. Kurang leuwih 30 sanggar jaipongan di Jawa Barat milu TC anu haratis. Aya ti Bogor, Purwakarta, Subang, Sukabumi, Cianjur, Sumedang, Bandung, jeung nu séjénna.

    “Kagiatan sapertos kieu anu diantos-antos ku sim kuring saparakanca ti réngréngan generasi muda nu tetep mikacinta jaipongan” ceuk Jejen, pupuhu grup Getar Pakuan Bogor, némbongkeun kabungahna yén kagiatan latihan tari jaipongan nu langsung ditungkulan ku maéstrona kacida dianti-anti pisan. Kulantaran barudak jaman kiwari mah méh teu pisan diajar akar ibingan jaipongan. Ibingan Késér Bojong, Sonténg, jeung Rawayan, nu dianggap “jadul” cenah karasa béda jeung ibing jaipong anu kaayeunakeun, ceuk salah saurang calon pamilon ti Kota Bandung.


    Saprak ngaran Jugala rada tilem kurang leuwih genep taun ka tukang, kiwari kakara nguniang deui sumanget keur népakeun akar jaipongan ka kabalaréa. Ahir taun 2012, Gugum meunang panghargaan kabudayaan ti Gubernur Jawa Barat. Harita kahudang deui keur merenahkeun jaipongan nu kiwari tambah rupa-rupa. Maranéhna umumna teu apaleun akarna ti mana. Kadorong ku haréwosan Gubernur supaya tarian Jugala diwanohkeun deui ogé diwuwuh ku para inohong Sunda, akhirna Gugum Gumbira ngarasa tanggung jawab keur ngawanohkeun akar jaipongan ka balaréa. Carana ku ngayakeun pasanggiri jaipongan. Kang Gugum nétélakeun rencana pasanggiri lain ujug-ujug breng waé. Ti sataun ka tukang geus aya nu ngarojok-rojok ngan can kabiruyungan. Ayeuna waktu nu pas keur ngayakeun éta acara. Supaya ibingan sarua, antukna Gugum Gumbira jeung réngréngan panitia ngayakeun heula latihan babarengan di STSI Bandung.

    Tina éta kagiatan loba paédah jeung mangfaat, tembong aya sifat kakulawargaan antara para calon patandang. Ngaraketkeun duduluran, silih bantuan silih benerkeun, padahal engké dina prak-prakan pasanggiri pasti bakal jadi saingan. Malah aya urang Bandung nu nawaran ka urang luar Bandung anu butuh tempat saré. Salila opat poé hasil tina TC matak pikabungaheun, umumna barisa nuturkeun, malah aya nu geus payus saperti harepan Gugum. Sanajan waktuna ngan sakeudeung tina TC nepi ka prak-prakan pasanggiri nu rencanana tanggal 28 Januari nepi ka 5 Fébruari, tapi Gugum yakin ratusan pangibing bisa ngigelkeun tilu tarian nu geus dilatih téa. Didieu katémbong aya upaya revitalisasi jaipongan karya Gugum Gumbira nu kiwari geus jarang katémbong.

    Jenis anu dipasanggirikeun di antarana Késér Bojong jeung Sonténg dipintonkeun tunggal sedengkeun Rawayan dipintonkeun rampak. Materi dina pasanggiri, salian ti tarian Jugala dipasanggirikeun ogé karya sanggar-sanggar. Tujuanana keur ngahargaan ka karya-karya generasi kaayeunakeun. Hadiah anu disadikeun dina pasanggiri diantarana aya motor, televisi, laptop, jeung sajabana. Jugala Raya minangka téma tina éta pasanggiri tangtu bakal jadi perhatian masyarakat Jawa Barat. Gugum geus ngagurat sajarah anyar keur jaipongan ka hareupna. Hayu urang rojong ku saréréa.*** Bandung, 14 Januari 2013

    *) Penulis, dosen di STSI Bandung (tulisan ini dimuat di Majalah Mangle)

    Agenda

    Kabar

    Kontak Kami