Official Site - Kumpulan tulisan, gambar dan kliping kegiatan Dr. Hj. Een Herdiani S.Sn, M. Hum serta dunia seni tari dan pendidikan

  • last

    Istri: Mibanda Kakuatan Nu Teu Katémbong

    Perjoangan Kartini keur ngamajukeun kaum istri, kiwari geus mimiti témbong hasilna. Loba kaum istri nu geus jareneng, palinter, jaradi pamingpin, tur kualitasna teu éléh ku lalaki. Cenah, perjoangan kaum istri zaman kiwari téh hayang sajajar jeung lalaki. Pan geuning aya basa anu sering diuar-uar ku para pajoang kaum istri, nyaéta ku ayana émansipasi téa. Nya sae lah, asal tong kaleuleuwihan wé nya, ulah dugi ka ngarumprak kudrat. Dalah dikumaha da ari istri mah loba kawajiban anu kudu dihareupan. Ngurus kulawarga, jadi indung keur barudakna, jadi istri keur salakina, jeung sajabana. Geus boga kawajiban anu sakitu beuratna téh, der deui boga kahayang mantuan usaha salaki keur nambah-nambah résiko dapur. Tuh pan mulia pisan, lain sarakah, tapi hal éta geus ilahar tur jadi tungtutan di zaman kiwari mah.

    Da baheula mah posisi istri téh cukup ngeusi rohangan domestik. Ari rohangan publik dieusina ku lalaki. Tapi ku ayana kamajuan zaman, teu saeutik para istri anu geus mampu ngeusian rohangan publik. Geus bisa moyan kulantaran kaparigelannana nu teu éléh ku lalaki. Ngan sanajan kitu cenah angger wé posisi istri téh masih keneh kasisihkeun. Fenoména sosial ieu, ku Lia Amelia mah dijadikeun hiji ide keur ngagarap karya tari. Éta karya téh dibéré judul “Kekuatan yang Membisu” anu kungsi dipintonkeun di Gedung Déwi Asri STSI Bandung, sababaraha waktu katukang. Lia téh salah saurang pangajar komposisi tari di Sekolah Tinggi Seni Indonesia (STSI) Bandung.

    Kakuatan anu dipibanda ku para istri, digambarkeun dina éta karya. Ku matak muringkak bulu punduk, ku matak nalangsa, ngabandungan tingkah polah para istri anu merjoangkeun kahirupanana. Tapi disagigireun éta aya kabungah, aya kareueus, yén aya kakuatan anu dipibanda ku para istri anu sakitu gedéna keur kahirupan dina rambah rumah tangga.

    Rohangan anu kaliwatan keur asup ka tempat pintonan, urang geus disuguhan ku patung-patung istri nu sikepna keur ngagambarkeun pagawéan istri. Nu keur ngobrol paduduaan, nu keur sasapu, nu keur nangkeup tuur, jeung sajabana. Barang bras ka panggung, di tengah-tengah panggung aya properti anu sakitu tohagana. Dijieun tina awi, di luhurna siga payung keur nutup. Éta panggung téh di eusi oge ku lima patung istri anu digantungkeun dina sikep anu rupa-rupa.

    Mimiti saurang pangibing asup ka panggung nu remeng-remeng. Léngkah-léngkah nu beurat siga nu salempang, siga nu hariwang, lumpat ka unggal juru siga nu boga kabingung. Kaayaan kitu didukung ku musik anu ngagelik matak nyérédét kana haté, ngahudang rasa. Teu lila tingtorojol pangibing nu sejen anu ahirna panggung dieusi ku lima wanoja. Kadang-kadang ngibing bareng dina irama anu variatif, nu laun, nu gancang, ogé nu sedeng. Kadang-kadang ogé papisah nembongkeun kaparigelan masing-masing. Mérv warna gerak anu kacida leubeutna.

    Properti anu dijieun tina awi téh geuning bisa dibuka siga payung. Ngageblag waktu dibetot talina ku hiji pangibing. Kuring maca, éta properti teh minangka simbul, yén istri bisa méré perlindungan keur kulawargana. Eta properti anu tohaga téh bisa digunakeun ku pangibing, ditaékan, diputeran, didorong, didogong, nepika ngalahirkeun pose-pose anu luar biasa, nu teu disangka ti tadina. Kamampuan para pangibing anu sakitu parigelna dina ngungkapkeun rasa para istri.

    Gambaran kahirupan istri anu parigel ngurus rumah tangga, ngurus anak, ngurus salaki, tur ogé kudu ngalaksanakeun kawajiban babakti ka lemah cai, kacida jéntréna. Mun isuk-isuk hudang pangsubuhna, nyeuseuh, sasapu, ngepél, masak, ogé nyiapkeun sagala kaperluan keur kulawarga, sagala kasiwer. Bray beurang indit ngantor. Datang soré geus der deui nyiapkeun keur dalahar peuting, can mun aya kapereluan keur natangga, riweuh pokona mah. Reup peuting, ngabaturan ngapalkeun keur anakna, réngsé éta ngabaturan bapana, atuh saréna ogé pangpandeurina. Sapopoe kitu jeung kitu, sakapeung témbong kagumbiraan, sempal guyon jeung kulawarga atawa tatangga. Tapi sakapeung témbong kaambek aral subaha ngalakonan kahirupan saperti kitu. Sakapeung ogé ngaheruk ukur bisa ngajerit dina jero batin.

    Lakuning eta kagambarkeun ku gerakan-gerakan tari anu ngolah sakujur awak. Ngolah rohangan ku posisi-posisi pangibing nu museur di hiji tempat, di juru, di tengah, di gigir, atawa rata aya di sapapada tempat. Gerakan ngagorolong, ngorondang, ngésod, ngajleng, lumpat leumpang, tur gerakan-gerakan séjénna diatur kalawan dikomposisikeun ibarat cai anu ngalir. Suasana didukung ku garapan musik nu dideudeul ku Rudi Rodéks, ogé dukungan lampu anu dideudeul Didit, kacida nyokong kana téma anu diusung ku Lia. Éta pintonan kacida matak nyentug kana haté, teu lalaki, teu awéwé anu bener-bener lalajo milu ngarasakeun éta lalakon. Cenah daya émpatina milu ulubiung dina éta pintonan. Atuh kadéngé ting alingseuk nahan ceurik, nyakitu deui kuring teu kuat nahan cipanon anu terus nyalangkrung nempo kakuatan para istri nu teu petot-petot merjoangkeun kahirupannana.

    Ari ras inget kana paribasa, cenah “istri mah dulang tinandé” anu hartina narima kana kayataan. Tah sigana kagambar pisan dina éta garapan, pasrah sumerah yén eta kodrat awéwé anu teu bisa dipungpang. Ngan lain hartina saayana tapi perlu perjoangan keur leuwih ningkatkeun harkat darajat diri jeung kulawargana. Éta meureun anu di sebut kartini-kartini zaman kiwari, nu wani maca kayaan zaman tur ngigelannana. Pantes aya katerangan yén surga téh teu jauh tina dampal suku indung. Cag...*

    Agenda

    Kabar

    Kontak Kami